Sabtu, 31 Mei 2014

Sunda : Nama - nama Bulan

Sababaraha waktu katukang, kuring ngobrol jeung urang sunda wetan. ( Mun teu salah mah wewengkon sakitar Ciamis atawa Tasik ). Nu di omongkeun teh aya pakuat - pakaitna jeung ngaran bulan nu umum dipake di eta wewengkon.

Catetan ieu minangkanamah keur panginget, bisi jaga baring supagi aya nu butuheun. Mun keur teu butuh mah pan sok diapi lainkeun sagala rupa oge. Sedeng mun keur butuh mah teu sirikna sagala dikorehan.

  1. Muharam
  2. Sapar
  3. Mulud
  4. Silih Mulud
  5. Jumadi Awal
  6. Jumadilakir
  7. Rajab
  8. Rewah
  9. Puasa
  10. Sawal
  11. Hapit
  12. Haji ( Rayagung )
Di wewengkon tatar Sunda sejen bisa wae beda, atawa bisa wae kuring nu salah nangkep tug nepi ka salah nulis.

Upamana ieu tulisan salah, punten bejaan dina rohangan komen.

Cag ah
Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...